Rabu, 17 Februari 2010

SISINDIRAN


Rincik rincang rincik rincang
aya roda na tanjakan
sidik pisan sidik pisan
nyai teh bogoh ka akang

Cikaracak ninggang batu
laun-laun jadi legok
tai cakcak ninggang huntu
laun-laun nya dilebok

Cikaracak ninggang batu
laun-laun jadi legok
cai …. ninggang ….
laun-laun jadi orok

Kembang cula kembang tanjung
kembang sagala domdoman
rek sabulan rek sataun
moal weleh diantosan

Aya roda na tanjakan
katinggang ku pangpung jengkol
aya randa gogoakan
katinggang ku hulu botol

Jauh jauh manggul awi
nyiar-nyiar pimerangeun
jauh-jauh neang abdi
nyiar-nyiar pimelangeun

Aya listrik di masigit
caangna ka Pabrik Kina
Aya istri jangkung alit
hanjakal teu di calana

Manuk ciung na pisitan
buah nona aratah keneh
dicium kunu kumisan
si nona kalahka jebleh

SUMALINDUNG

Najan liwung kakurung tungtung
Najan muyung kakurung layung
Jung sumalindung kanu AgungDuh, Gusti wiati pangarti
Nu sajati mariksa ati
Nu rancage ngawasa simpe hate
Nu ngatur sesa umur
Nu suci ngaraksa wanci
Salawasna hirup jeung pati moal pahili


Najan gumulung digelung untung
Najan nangtung manggung di gunung
Jung sumalindung kanu Agung

Duh, Gusti malati sanubari
Anging Anjeun nu surti
hariring kuring
Boh eunteup dina keukeup raheut
Boh eunteup dina keukeup geugeut
Salawasna teuteup Anjeun tuhu dina puhu kalbu…

Jungjunan…
Sok hoyong terang sareng kalangkang saha
anjeun ayeuna anteng neuteup girimis
Mungguhing wirahma rasa wanoja
lir haleuang nu disidem
Ukur wasa naratas implengan
Ngawawaas kumelip langit-langit ati
nu pinuh rusiah…



Jungjunan…
Sok hoyong terang sareng kalangkang saha
anjeun ayeuna meungkeut geugeut nu manis
Tingkaretip ungkara bagja kasawang
dina kembang-kembang lamunan
Gumalindeng jadi purnama katineung
mun laksana dina keukeup kaheman
nu munggaran…

Jungjunan…

JUNJUNAN

Sok hoyong terang ku kalangkang saha

anjeun ayeuna kapidangdung
Kumalayang melang dina katresna panutan
Geuning cinta teh lir kiceup wanci
nu simpe niti ati
Sakapeung inggis diturih cimata tunggara
Sakapeung geulis dina langitna nu cangra
Estuning endah mun asihna satia…

Jungjunan…
Sok hoyong terang sareng saha
anjeun jaga rumingkang ka tuntung layung
Kacipta bagja, Panutan, kacipta bagja…
KAWIH KAASIH

Hate mah lir kila-kila simpena langit
Meusmeus muyung tungtung layung
meusmeus melang ku hariwang
Piligenti ngagali wanci
silih bintih nurih kapeurih
Nya ayeuna pisan,ngintun harepan
Sanajan kawilang melang ku anggang
Sanajan astra waruga teu karampa
Nyuuh kalbu mah rengkuh sasadu bilih bendu
Duh, kacipta … linggih ka nu tebih
Nyelang nganjang ngahaja ngaraksa beja
Sungkem nepangkeun diri nu pikakeuheuleun
Salam baktos rumaos tos tega basa

Hate mah lir kila-kila langgam cai
Sakapeung kiruh ku kalepatan
Sakapeung ripuh ku kaayaan
Ngalayah ngabedah sasat ku saat
Silih tindih ngagerih garing kasedih

Nya ayeuna pisan,nyanggakeun kawih kaasih
Sanajan teu nikreuh longok jonghok
Sanajan teu nikreuh ngagandong landong
Mung bingah gumulung najan teu tepung
Duh, reueus ngadeuheus ungkara cinta
mahugi ati ngamumule hate
Meungpeung geugeut sangkan nineung
Kahatur pidu’a mugia bagja tur waluya…

RUSIAH CINTA


Nyatana hate mah teu wasa nahan wakca

sanajan ungkara dibaheum, sanajan tunggara disidem

Nyatana cinta mah sumerah manah
ngawarah caah amarah, nyimbeuh seuneu kageuleuh
Nyatana panutan mah ngarusiah dina hate nu simpe
nguliat nyoo tibelat, nguniang milang kahayang

Nyatana jungjunan mah gentra kanyaah
satia ngayuga rasa ka tungtung hirup
KANYAAH

Tos kageugeut hate eneng ku Aa
Moal peugatku katresna sagede gunung

kanyaah, kadeudeuh eneng
moal endag kuangin topan
moal luntur kahujanan
moal putus tina titingalian hate

gurat seuneu patingburisat di langit luhureun panyalindungan
langit ceudeum katutupan mega nu ngagulung nyiliksik asup kana hate ngalimpudan rasa na jero dada

hawar-hawar sora hariring melengking
ngurilingan peuting nurihan hate nu keur rungsing
hiliwir angin peuting mawa talatah liwat kalakay
cenah manehna ayeuna keur tunggara

euh aya naon atuh AA
caritakeun katunggara teh
dinu hate pangjerona ngan sahiji nu abadi
najan deukeut, atawa jauh tapi leungeun hatemah aya dinu dada